Minggu, 12 Februari 2017

NGANGEUN (nyayur)

IZAH: tah a asaan, kurang naon angeun téh??
UYA: (ngasaan angeun) asin teuìng nénk, cik urang tmbhn gula...(nambahkeun gula)
Pék tah asaan ku nénk...!
IZAH: (ngasaan) ahh...aa mah, amis teuing atu...urang tmbhn deui uyah...(nambahkeun uyah)
Pék tah asaan deui ku aa...
UYA: (ngasaan deui) loba teuing nénk mah nambahan uyahna, jd w pangsét deui...tambahan deui gulana...(nambahkeun deui gula)
Sok gra asaan deui....
IZAH: (ngasaan deui) euhh...aa mah lb teuing gulana, meni kos kolek kieu, tmbhn deui uyahna.....(nambahan deui uyah)
Sok tah asaan deui....
UYA: (ngasaan deui) anger w pangsét nénk, tmbhn deui ah gulana...(nambahan deui gula)
Pék asaan deui...
IZAH: (ngasaan deui) amis teuing a...tp nggeus ah keun baé teu kudu d oméan deui...
UYA: naha....?
IZAH: kapan éta angeuna g gs béak mantén....!
UYA: eueuhh...kumaha atu aa hyg dahar d kuahan...?
IZAH: ninyuh gula w jng uyah maké ci entéh kényah....!

Sabtu, 14 Januari 2017

TUKANG BELING



UYA: emmmhh...kumaha waé atuh nénk, usaha jadi tukang beling téh kalah beuki turun gening...?

IZAH: ulah ngeluh waé atuh a,,,da beuteung lapar mah teu cukup ku ngeluh...!

UYA: heu da ari usaha mah kapan teu weléh, jig ka ditu jig ka dieu tapi eweuh beunangna...kalah capé wé da geus teu barogaeun beling meureun batur téh...!!

#otoy anu ngadéngé keluhan indung bapana boga ideu,,,pok nyarita...

OTOY: ema...bapa, otoy boga ideu supaya poé ayeuna bapa babari dina néangan belingna....

UYA: cing sok atuh jang, kumaha tah ceuk manéh....

OTOY: kieu gera yeuh...!
Maaa....kamari otoy ningali bapa jeung ceu mutia keur bobogohan di kebon awi....

#lèos izah ka dapur, teu kungsi lila, BELEWERRR...BELEWERRR....piring ngararapung ti dapur....GPRÉÉÉK...GPRÉÉÉÉK....murag pareupeus di tengah imah...

OTOY: tuuhhh...pan kari mulungan...

UYA: ???@,@??!


Jumat, 13 Januari 2017

KARAK INGET

Rebun-rebun Izzah geus paciweuh nyiapkeun sangu, cai, dahareun, jsb keur bekel mangkat ka sawah.
Kitu oge Uya, nyiapkn sgl pakakas sarupaning pacul, congkrang jeung bedog, diwadahan kana carangka.
Saenggeus sayagi sagalana, jung we eta salaki-pamajikan teh arindit ka sawah.
Kacritakeun geus nepi ka sawah, duanana ngadon ngahuleng.

IZZAH@ kang,,,naha da sainget nenk mah urang teh teu bg sawah!?
UYA@ nyaeta kami ge puguh kakarak inget.
IZZAH@ ari akang kawas nu gelo wae atuh!?
UYA@ eeeehh....puguh nyaneh nu kawas nu gelo mah,..
Geus nyaho kami gelo hayoh wae dituturkeun!?
IZZAH@ ###ceurik nyeri hate...!

PAAGUL-AGUL SORA HITUT

OTOY: uing kungsi hitut dina seeng, disadana kuat "SENAAANGGG..." cenah!
ENDUL: uing ge kungsi hitut dina ruas awi, disadana "BEKOOOONGG..." cenah!
AJO: uing ge kungsi hitut dina rantang, disadana "TUMPENGGG..." cenah!
KUYA: halahhh....eleh kabeh ge ku uing, uing mah kungsi hitut dina kopeah!
OTOY: heug kumaha disadana?
KUYA: disadana "JURIG TEH SIAH..." cenah!
ENDUL: naha bisa kitu euy???
KUYA: da kopeahna keur dipake ku mitoha!
OTOY+ENDUL+AJO: ???@#@???