Sabtu, 14 Januari 2017

TUKANG BELING



UYA: emmmhh...kumaha waé atuh nénk, usaha jadi tukang beling téh kalah beuki turun gening...?

IZAH: ulah ngeluh waé atuh a,,,da beuteung lapar mah teu cukup ku ngeluh...!

UYA: heu da ari usaha mah kapan teu weléh, jig ka ditu jig ka dieu tapi eweuh beunangna...kalah capé wé da geus teu barogaeun beling meureun batur téh...!!

#otoy anu ngadéngé keluhan indung bapana boga ideu,,,pok nyarita...

OTOY: ema...bapa, otoy boga ideu supaya poé ayeuna bapa babari dina néangan belingna....

UYA: cing sok atuh jang, kumaha tah ceuk manéh....

OTOY: kieu gera yeuh...!
Maaa....kamari otoy ningali bapa jeung ceu mutia keur bobogohan di kebon awi....

#lèos izah ka dapur, teu kungsi lila, BELEWERRR...BELEWERRR....piring ngararapung ti dapur....GPRÉÉÉK...GPRÉÉÉÉK....murag pareupeus di tengah imah...

OTOY: tuuhhh...pan kari mulungan...

UYA: ???@,@??!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar